أسرار الشريعة
وأطوار الطريقة وأنوار
الحقيقة
فى
اصطلاحات أركان الإسلامية
عند المصطلاحات الصوفية
بسم الله الرحمان الرحيم
وقد حضر رؤساء مضر وحضر أبو بكر رضي الله
عنه ذلك العقد فقال أبو طالب : " الحمد
لله الذي جعلنا من ذرية إبراهيم وزرع إسماعيل وضئضئ معد ( معدنه ) وعنصر مضر (
أصله ) وجعلنا حضنة بيته وسواس حرمه وجعل لنا بيتا محجوجا حرما آمنا وجعلنا الحكام
على الناس ثم أن ابن أخي هذا محمد بن عبد الله لا يوزن
برجل الا رجح به شرفا ونبلا وفضلا وعقلا فإن كان في المال قل فإن المال ظل زائل
وأمر حائل . ومحمد من قد عرفتم قرابته وقد خطب خديجة بنت خويلد وبذل لها ما آجله
وعاجله كذا ( 1 ) وهو والله بعد هذا له بنأ عظيم وخطر جليل جسيم " . فلما أتم
أبو طالب الخطبة تكلم ورقة بن نوفل فقال : " الحمد لله الذي جعلنا كما ذكرت
وفضلنا على ما عددت فنحن سادة العرب وقاتدتها وأنتم أهل ذلك كله لا تنكر العشيرة
فضلكم ولا يرد أحد من الناس فخركم وشرفكم وقد رغبنا في الأتصال بحبلكم وشرفكم
فاشهدوا علي معاشر قريش بأني قد زوجت خديجة بنت خويلد من محمد بن عبد الله على كذا
" . ثم سكت فقال أبو طالب " قد
أجبت أن يشركك عمها . فقال عمها : اشهدوا علي يا معشر قريش بأني قد أنكحت محمد بن
عبد الله خديجة بنت خويلد ، فقبل النبي صلى الله عليه وسلم النكاح وشهد
على ذلك صناديد قريش([1])
[1] - أنظر فى أسرار الشريعة وأطوار الطريقة وأنوار الحقيقة فى اصطلاحات أركان الإسلامية عند المصطلحات الصوفية للحسن الدين ص 232
Para
tokoh Bani Mudhor sareng Abu Bakar RA parantos sumping kana akad
nikah na Rosululloh SAW, Abu Tholib sasauran seren sumeren : “Sadayana puji
kagungan Allah anu parantos ngajantenkeun ka urang sadayana ti turunan Ibrohim
AS, binih turunan Ismail AS, Asl turunan Ma’ad, sareng turunan asal Mudhor.
Sareng Allah SWT parantos ngajadikeun ka urang sadayana janten pengurus
Baitulloh, sareng anu mingpin tanah haram. Allah parantos ngajantenkeun ka
urang sadayana kana Baetulloh anu didongkapan kanggo naek haji, tanah haram anu
aman santosa, sareng Allah parantos ngajantenkeun ka urang sadayana
janten hakim kanggo jalmi-jalmi”. “Saterana,
saestuna anak dulur sim kuring nu ieu (tegesna) Muhammad bin Abdulloh
hiji pameget anu teu aya babandingannana
kajabi anjeuna teh langkung mulya, langkung
unggul, sareng langkung cerdas. Saupami tea
mah kagaduhna (hartana) sakedik, da ari hart amah lir ibarat kalangkang sareng
perkara anu jadi hahalang (kana kasaean). Muhammad teh Sakumaha anu
parantos kauninga ku aranjeun, saha wargi-wargina. Anjeunna parantos ngalamar
ka Siti Khodijah Binti Khuwailid, kalayan parantos maparinkeun ka Siti Khodijah
kanggo kaperyogian engke sareng ayeuna”.
Saba’da Abu Tholib rengse seren sumeren, Waroqoh bin
Naufal putra pamanna Siti Khodijah ngawaler, “Sadayana puji kagungan
Allah SWT anu parantos ngajantenkeun ka urang sadayana sakumaha anu parantos
didugikeun ku Abu Tholib, sareng parantos ngunggulkeun Allah ka urang sadayana
sakumaha anu disebatkeun ku salira. Mangrupi pamingpin Bangsa Arab,
Aranjeun sadayana oge masih kulawargi, sadayana oge nganken kana kautamian
aranjeun. Teu aya nu wantun nolak saurang oge kana kaagungan sareng kamulyaan
aranjeun. Abdi sadayana ngaraos seneng meungkeut tali kakulawargaan ku tali
pangersa sadayana sareng ku kamulyaan
pangersa sadayana. “Saksian ku aranjeun wahai kaum Quraisy! Sim kuring
nikahkeun Khodijah binti Khuwailid ka
Muhammad bin Abdulloh ku maskawin nu disebut tadi”. (ieu teu acan nampi)
Rosululloh SAW teu ngawaler. Abu Tholib nyarios : “abdi mah hoyong diwalian ku
pamanna”, teras pamanna Siti Khodijah anu jenengan Umar bin Asad nyarios
:” Saksian ku aranjeun wahai kaum Quraisy! Sim kuring nikahkeun Muhammad bin
Abdulloh ka Khodijah binti Khuwailid”. Maka Rosululloh SAW nampi kana eta
pernikahan. Nyaksian kana eta pernikahan teh para tentara Quraisy.

Tidak ada komentar:
Posting Komentar